Rd. Surnata + Nyi Raden Suwarsih Larang (Cimalaka, Sumedang)
Rd. Hudayamanggala (bakti ka Batavia)
Rd. Sopamanggala (bakti ka Batavia)
Rd. Jiwamanggla + Empi Afiah (Eteh) (Cikalang)
Purwa
Enci (puputra 4) Karuhun di Sukapura
Ipol ……………… + . (?)
H. Muhtar Rana Surialaga + Wajem …+ …Altasan Sacakusumah
Sapti (puputra 5)
Murningsih
Karsih Juwarsih
Iyong ………. +……….……………..………. Salim
Uwen Karuhun di Malangbong
Tarmidi
Umar …… + ……. Ioh ……….. + ….Atmo

R. Marnani R. Titi Karnida
R. Anang Daryan Jayadikusumah
Kangge catetan, dina rengrengan diluhur oge teu aya gambaran nami anu ngajurus kana kamena-kan, sadayana parantos disomahisasi.
Tanda-tanda Ibu Titi Karnida aya kaitan sareng urang Cikalang, anjeunna seueur gaduh rerenca-ngan urang Cikalang (Petir) sapertos ende Ukus (Istrina Aki Idi Kurdi), sste. Mung bae Ibu Titi Karnida lahir sareng ageung di kota janten teu patos loma sareng kaayaan Cikalang.
Tina pertikahan Enin Ioh sareng Aki Atmo (tokoh dina Insiden) puputra Ny Iti Karnida anu salajeng-na nikah ka R. Anang Daryan Jayadikusumah, puputra 7 urang, nyaeta :
1.Ny. R. Nining Mayaningsih Barmawie (carogena jenengan Chalid Barmawie, Bekasi)
2.R. Dedi Darmadi Jayadikusumah (istrina jenengan Iyar Wiyarsih, pipirakan, Tasikmalaya)
3.Ny. R. Tuti Surtiwati Krisnaya (pun bojo)
4.R. Atang Sudrajat Jayadikusumah
5.Ny. R. Pujiwati (almarhum, dikurebkeun di Ciranjang, Benda)
6.R. Iyus Permana Jayadikusumah (jenengan istrina Ita, Singaparna)
7.R. Yedi Hendiyana Jayadikusumah (almarhum, dikurebkeun di Cinehel henteu patos tebih ti ma-kamna Enin Ioh, di Blok pengker palih kulon)
Kangge catetan, jenengan putra-putri Ny. Iti Karnida sakedahna diserat lengkep sareng gelar R. sapertos di luhur. Nanging ieu oge sami hal sapertos rundayan R. Jiwamanggala sanesna, sadaya atribut kamenakan diuculkeun, malih diluluguan ku anu janten ramana R. Anang Daryan Jayadikusumah, teu kersaeun ngangge gelar R, anu salajengna langkung populer ku neneh Bapa Anang Daryan. Nami anu nyomah.
Anu janten puseur pedaran, putra anu ka genep nyaeta Murningsih. Anjeunna nikah ka Kai Madrai' urang Burujul Cikalang, jalaran henteu puputra nya ngarorok Nyi Uu Uriyan putra Haji Muhtar (tilar dunya nalika Nyi Uu yuswa 5 taun). Di ahir Nyi Uu Uriyan ditikahkeun ka Ahmad Memed urang Cikuya, Cicaleng-ka. Jalaran Ny Uu Uriyan henteu puputra nya ngarorok Ny. Siti Munigar, putra Ny Iki Lukiah ti Idi Kurdi.
Ny. Siti Munigar (21-06-1928) kaping 28-06-1943 ditikahkeun ka Abas Subana (29-12-1927) puput-ra Undang Karna Sasmita (04-07-1946) anu salajengna ku Papih Abas Subana taun 1955 digentos nami-na janten Nanang Ihwan Krisnaja (ejaan lama).
Nanang Ihwan Krisnaya nikah ka Ny Tuti Surtiwati (24-10-1954), puputra tilu urang :
1.Andri Setiawan Krisnaya (dibabarkeun di Ciamis, 19-18-1972)
2.Ihsan Chairul Fahmi Krisnaya (dibabarkeun di Bandung, 19-12-1975)
3.Ruri Fatmawati Krisnaya (dibabarkeun di Tasikmalaya, 13-11-1985)
Neras lumungsur ka rundayan : Birru Virrel Krisnaya, Dante Rahadian Krisnaya, Merra
Binar Krisnaya ……. sareng salajengna (jaga).
Supados langkung jelas dihandap kapidangkeun silsilah keluarga Rd. Jiwamanggala :
Rd. Surnata + Nyi Raden Suwarsih Larang (Cimalaka, Sumedang)
1. Rd. Hudayamanggala (bakti ka Batavia)
2. Rd. Sopamanggala (bakti ka Batavia)
3. Rd. Jiwamanggla + Empi Afiah (Eteh) (Cikalang)
1.Purwa
2.Enci (puputra 4)
3.Ipol (lebet kana silsilah Ibu Titi Karnida, ti pun bojo, Tasik)
4.H. Muhtar
Eteh Bandi (Cikuya, Cicalengka)
Uu Uriyan + Ahmad Memed (henteu puputra ngarorok Siti Munigar)
5.Sapti (puputra 5 urang, teu acan kapaluruh laratannana)
6.Murningsih + Madrai (henteu puputra, ngarorok Uu Uriyan)
7.Karsih Juwarsih + Haji Hasan Ma'ruf + (?)
Idi Kurdi + Iki Lukiah Juweriyah (wa Uwe) + Adjo (wa Ajo)
Sulkiah Umar + Itoh
Siti Munigar + Abas Subana Enar Suparman
(21-06-1928)(29-12-1927) (21-06-1929)
Nanang Ihwan Krisnaya + Tuti Surtiwati
(04-07-1946)(24-10-1954)
Andri Setiawan Krisnaya (19-08-1972)
Ihsan Chairul Fahmi Krisnaya (19-12-1975)
Ruri Fatmawati Krisnaya (13-11-1985)
Anu sim kuring terang (kantos tepang nalika sim kuring budak, kls 3 dugi 6 SR) :
Haji Muhtar nenehna Aki Haji, salirana bayuhyuh, bodas beresih. Ngangge ketu-udeng, kasohor saurang patriotis anti kolonialisme. Dina mangsa sepuhna, bobodas socana kalipudan katarak. Aki Haji Muhtar nalika jumenengna kasohor salaku warigaluh (ahli ngala lauk). Anjeunna uninga dimana tempat-tempat (sayang) lauk, pinter nguseup sae di walungan, di susukan, kantenan di balong. Motto : sakali useup anclom, palias hanjat ngosong. Saur tatanggina, jeujeur aki Haji tina waregu. Aki Haji kantos gelut papuket sareng mahluk gaib marebutkeun eta waregu, dugi ka tuurna tatu. Ampir sasasih ingkud-ingku-dan.
Salira Eteh Bandi (ibuna aki Memed), pendek alit, nanging masih cingceng. Sabanding sareng de-degan Nin Ioh nanging Nin Ioh maha ageung lemu. Sae Eteh Bandi oge Nin Ioh atanapi kaum istri jaman eta ilaharna ngangge sinjang, kabaya sareng ditiung (sanes jilbab), rambutna anu panjang digelung (sanggul), direka di sae-sae.
Eteh Bandi ti Cicalengka kantos dicandak ka Kebontiwu, ngarereb kinten dua taun, jalaran faktor yuswa sareng panyawat, tilar dunya di Kebontiwu, dikurebkeun di Gunung Salimah. Pagedeng-gedeng sareng makam uyut Murningsih (duanana ical kagerus ku pangwangunan).
Uyut Sulkiah linggihna di Cikalang girang, ampir sadaya rundayanna janten wiraswastawan. Sa-lahsawiosna nyaeta Kleurmaker Haji Muhtar (sanes Haji Muhtar ramana nini Uu Uriyan), di pengkolan H.Z.Mustofa garawangi ayeuna. Kasohor salaku hand-made rupi-rupi jas anu pangaosna dugi ka jutaan.
Salira uyut Sulkiah alit, waktos sim kuring kantos tepang, mangsa kelas 3 – 4 SR, rambutna ngage-bay panjang nanging parantos bodas.
Harita uyut Sulkiah nuju nyanghunjar lambar, dua panangan anteng nikel-nikel daun seureuh lema-reun, gedeungeunnana aya bokor lembut kangge ngaluah. Pameunteuna pinuh ku kerut-kerut tawisning yuswana parantos manjing nengah tuwuh
“Undang, deuk dahar ? Tuh dina tetenong aya pais beunteur ….”
“Ke Yut …” sim kuring kalah ka berebet lumpat ka saung pengkerun bumina, di dinya tos ngantos sobat-sobat sapertos Mamat, Obay, sste. Dina handapeun daun cau, nyampak sababaraha guruntul hui boled.
“Kenging ngarabut ti mana …. ?”
“Ssst … “ Mamat nuduhkeun ka lebah kebon Aki Enod handapeun Gunung Salimah.
“Rek dikumahakeun ieu teh ?”
“Urang bubuy dina pirunan”
Moal kirang ti limaan sim kuring saparakanca cacamuilan murak hui boled kenging mubuy anu masih panas. “Hihu hihang nya” saur Obay, bari niupan. maksudna : Hipu pisan. Karinget nyorolok tina taarna.
Sim kuring sanes nampik pangasih uyut Sulkiah, dalah ditawisan tuang sareng rendang oge sok re-men kedah diudag-udag heula ku wa Uwe. Ti Restoran Memed, sim kuring sok lumpat dugi ka Kebon-manggu atanapi Sukawarni.
“Deuh, ku hese dahar si Undang mah …” kitu gelendengna wa Uwe bari nanggeuy piring, anumawi pantes ku aki Memed abdi sering dilandih si Kejeng (Kejeng = kuru = begang), kitu oge aki Memed sok bari mesem. Duh moal boa hal eta netes ka pun incu, Birru oge kantos sesah tuangna, salirana oge kejeng sapertos sim kuring jaman kejeng. Nanging ayeuna oge sim kuring masih lebet kana golongan kejeng. Nanging teu sawios-wios eta bakat, bakat kedah kejeng, sanaos kejeng asal sehat (ah, eta mah sakadar ngupahan maneh). Sayaktosna sim kuring oge hoyong ngalaman gaduh salira lintuh bayuhyuh sapertos Aki Haji Muhtar, nanging kumaha da sesah.
Saur Wa Ajo : “Atuh ari kejeng bae mah moal tiasa jadi kapten…”
Kakejengan sim kuring mungkin tetesan ti pun biang Mamih Siti Munigar dina waktos rumajana, oge netes ka pun anak Ihsan sareng Ruri dina mangsa rumajana.
Ayeuna dina mangsa mangkat uzur ieu, dimana nyawang ka mangsa tepang sareng uyut Sulkiah, sok kapirajeunan nyipta raos-nikmatna pais beunteur damelan uyut Sulkiah. Hanjakal harita sim kuring kalah ka lumpat ka saung, moro-moro bubuy hui. Jaman ayeuna tangtos sesah milari pais beunteur.
Wangsul deui kana jejer riwayat, Di ahir, sanaos parantos rumah-tanggi, hubungan antawis Rd. Uyat sareng Kai Iwa, dua sobat dalit pet ku hinis henteu putus. Lami saparantos eta duanana masih se-ring tepang, dugi ka sepuhna masih silih anjangan, silih bantos dina kasesah, silih hibur dimana mendak tunggara, sste. Duannana sakasuka-sakapeurih, maklum di pangumbaraan. Dina galindengna Sinden Upit Sarimanah :
cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
itu euweuh ieu lain
teu kadang teu baraya
jauh ka indung ka bapa ….. sste
Taun 1886, uyut Iwa nyaksi pangwangunan jalan kareta api sareng pangwangunan Setasion Kareta Api di Tawang Gantungan. Kangge anu munggaran anjeunna nyaksi ngagulusurna Kareta-api, hu-luna anu hideung lestreng, badag tur seuneuan, haseupna ngelun ka luhur, gorowok hatongna, sareng sorana anu gos-gosan, oge juit gilindingna dimana dierem.
Saur uyut Iwa :
“Eta kareta buatan Jerman, amun Undang apal urang Jerman jangkungna jujul dina panto” sim kuring unggut-unggut teu ngartos.
" … kuduna jalan kareta ti setasion ngebat ngetan cepet, tapi kahalangan Balong anu lega (mungkin anu dimaksad Balong Bardan di kompleks Pancasila), erel kapaksa dipengkolkeun ka kenca"
Sim kuring kabiruyungan kantos ngarereb ditempat anu dicarioskeun ku uyut Iwa, pengkolannana persis payuneun rorompok pun anak, Andri Setiawan Krisnaya, Jl Pancadarma I No. 11. Tah bumi ka-kantun pun besan eta, lebet kana pakem (sejarah) margi didinya para insinyur Belanda kantos nuncleb-keun patok supados arah erel dipengkolkeun"
Meungpeung emut, hiji kalimah kakaren jaman bihari : "Uah-iuh kareta geus paksengok"
Oge kalimah : “Urang Cikalang mah dusun (kakantun jaman), malum jauh kana kareta …..”
Taun 1901, Kai Iwa nyaksi boyongan perangkat pamarentahan Kabupaten Sukapura, dialihkeun ti Harjawinangun (Manonjaya) ka Tawang Gantungan (Tasikmalaya).
Saur sepuh-sepuh harita (anu awas ka tebihna), Sukapura baris gemah-ripah loh-jinawi, tata teng-trem kerta-raharja, tiis ceuli herang panon, dimana lalakon dayeuh (ibu-kota) cumpon tepung-geulang.
Tepung geulang didieu hartosna Dayeh (ibu-kota) anu kawitna ti Sukaraja saparantos dialihkeun ka Harjawinangung (Manonjaya), lajeng dialihkeun ka Tawang-gantungan (Tasikmalaya), lajeng dialihkeun deui ka Singaparna, aya kamungkinan hiji waktos wangsul deui ka Sukaraja. Salami ieu masih ngadaun ngora, egke dimana tepung-geulang mungkin tinekanan karaos amis buahna (Cacandran Sukapura).
Taun 1908, diwangunna Kaum (Masjid Agung), anu janten Bupati Sukapura harita Dalem Kusumah Wiratanuningrat. Saur Uyut Iwa "Kaum Tasik, ceples Kaum Manonjaya. Lir ibarat beubeulahan terong". Numutkeun Aki Memed, Uyut Iwa tilar dunya sataun sabada diwangunna Kaum (1909), dina yuswa langkung ti 100 taun. Dikurebkeun di Gunung Salimah, Cikalang Girang. Ahir perjalanan hirup saurang Menak Sumedang, tina kaayaan hurung-herang gandang-ginding janten cacah bolongkotan. Makamna teu aya tanda-tanda ialaharna makam menak, mung dijahul, hanjakal ayeuna ical kagerus ku pangwangu-nan pamukiman. Makam Gunung Salimah ngahaja di bongkar tangan-tangan sara-kah (?) demi rupiah. Padahal lahan eta lahan hibah.
Para kulawarga anu tanpa daya teu tiasa kumaha, ukur ngurut dada bari lumengis dina ati. Kangge landongna mung wasa cumarios (ieu oge sami mung ucap dina ati) : para syuhada anu parupus di tanah suci oge teu puguh kuburannana, nanging tetep hirup (langgeng) dina ati sanubari turunannana ?
Taun 1913, Kabupaten Sukapura gentos nami janten Kabupaten Tasikmalaya. Bupati Kabupaten Tasikmalaya anu munggaran Dalem Aria (Raden Tumenggung Aria Prawira Adiningrat). Ieu mah jamanna uyut Saleh Sambas, tokoh anu bade kapedar dihandap.
Remeng-remeng nyampay dina emutan, saur nini Uu Uriyan, sosok Uyut Jiwamanggala jangkung alit, tara lesot sorban. Angkeutna badra lencop, karangan dina damisna, kulit pameunteu lemes tur caang, ka sepuhnakeun upami angkat salamina ngangge teteken (iteuk).
Sababaraha luwuk serangna aya di blok Cikalang Pasantren, kebonna di Gunung Kuda Nyantong. Ayeuna serang sareng kebonna robih fungsi janten pamukiman penduduk sareng asrama tentara.
Saminggon sateuacan pupus anjeunna nyuhunkeun ditepangkeun heula sareng sobatna, uyut Uyat ti kota, nanging teu laksana kawuwuh uyut Uyat sami nuju teu damang, kawuwuh sami parantos uzur.
Siang eta, Sicungcuing ngear, lapat-lapat heulang ngagelik. Uyut Jiwamanggala pupus dinten Senen wanci pecat sawed. Teu aya saurang oge wargi ti Sumedang, oge teu aya anu ngintun wartos ka Sumedang, sadaya teu aya anu uninga dimana alamat wargi-wargina di Cimalaka Sumedang, dugi ka ayeuna teu kapaluruh, pareumeun obor.
Sasasih ti harita uyut Uyat ti kota di candak ku pala putrana jarah ka Gunung Salimah ka makam uyut Iwa. Uyut Uyat oge sami parantos uzur, Anjeunna namprakkeun dua dampal panangan, parantos kariput sareng lilinieun. Uyut Uyat neda-neda ka Gusti Anu Maha Suci kangge kacaangan sobatna.
Opat taun ti harita, uyut Uyat oge tilar dunya. Saurna dikurebkeun di TPU Cieunteung. Sami halna sapertos makam uyut Iwa, makam uyut Uyat oge ical.
&n